Sepenggal Kisah,
Riwayat Rawa Binong
(disusun ku ; mang Ues )
Bahela, jauh kabahela
Satutasna pajajaran burak....
Saabrulan rahayat, ngajauhan
puseur dayeuh sura wisesa
Ngitung langkah, mapay-mapay
Cipamingkis
Ngajungjung padumukan,
nyungsi sarakan lemah harepan
Nu kalangsu anjog ka
Cibarusah,
Lemah endah nu mikat duriat
pangabetah
Lembur diwangun, lahan di bukbak
Keur ubar katineung ka kuta
pajajaran nu ngahilang
Lembur obah ngagedean
Pepek ku rahayat nu geus
anak-baranahan
Lahan anyar nu di olah keur
tatanen unggal mangsa ngalegaan
Babakan ancal-ancalan masieup
ngaplak tegalan
Kakocapkeun.....
Saamparan tegalan nu mangrupa
leweung danas
Jadi jugjugan para nonoman nu
tanginas
Leweung di bukbrak danas di
papras
Teu tolih ku werit cai taneuhna
gahar ku panas
Babakan anyar dibuka, di
landihan Tegaldanas
Taun 1923, di Tegeldanas.....
Mangsa ki buyut ngukir
sajarah :
Yeuh..... kami, buyut samean
Tekad ngabendung lengkob nu
ngawahangan
Diantara tegalan jeung
sampalan nu hanaan kagaringan.....
Ulah dipugag, ulah
dicaram.....
Sabab jami boga kahayang
Ngawaris anak-incu ku
karaharjaan
Cai di bendung jadi induk
ngababakan
Ngeusi lengkob minuhan
wahangan
Mangsa katiga datang, rawa motah
ngabanjiran
Tegalan jeung sampalan
ngadadak suda ku hanaang
Leuweung danas ditonggohna,
mimiti kasilih ku pahumaan
Dil beh lebak hejo lemboh
pasawahan
Hehey, deudeuh..... sarerea
bungah ati
Lembur garing ngadadak subur
ku cai
Nu malawija surak, anu tani
suka-seuri
Uyut Samean pads muji
Bagea, aki! bagea, aki!
Taun 1928.....
Aya guntur nu pohara
Ngaranjah rawa ngbibol tanggulna
Uyut Samean reuwas kacida
Masyarakat ngabetem, bengong
kasima
Rawa saat, ngoletrak,
saharita
Meunggas hareupan para tani
jeung palika
Heyy..... ulah lila teuing
ngukut tunggaran
Gancang pepekeun balad nu
pohara ku tanaga
Urang bendung deui iue rawa
Luhurkeun tanggulna,
padeutkeun taneuhna
Ulah poho urang kubur hulu
munding keur tumbalna
Mun geus rengse, panggil
ketuk tilu jeung ringgengna
Minangka pangbubungah keur
balerea, suka cita
Tah.... ti harita,
Ngubur hulu munding jeung
nanggap ronggeng dimimitianna
Bendungan ngawujud janten
talaga endah, hejo lemboh ku kakauyon
Jadi Oase ditengah amparan
tegal nu gahar ngahalodo
Militer betah bubuara muka
tangsi sisi kulon
Tutung kidul ciri watesna
ngabedega tangkal binong,
Nu ku urang dieu disebutna
Gebog kapas nu kajojo
Tah, ku hal eta talaga teh
nyandang ngaran Rawa Binong
Cai dibagi ngocor
nyalira.....
Ngaliwatan Cimanggala ka
Paparean
Kalerna notog ka Panyosogan
Urang Cimahi nu di beh kidul,
najan girangeun kabagian
Ka kulona, sisi Cibatu oge ka
kucuran
Estu genah sukan-sukan,
Mangfaat rawa binong di
walatra keur karaharjaan
Mangka jejeg kana larapan,
Rawa Binong jadi ciyusu wewengkon
Jagasatru
Kiwari geus karandapan
Kulantaran kitu,
Piraku urang teu era ku eta
jaman
Ngamumule tradisi jeung alam
rengkak sajalan
Harmonisasi ngaaujud dina
pola kahirupan
Sumarambah dina tingkah jadi
budaya anu pinuh ku anjenan
Ulah..... ulah nepi
kaleungitna jati diri kadaerahan
Warisan kaduhun nu mangrupa
alam jeung tradisi urang keukeuhan
Sangkan aya sampakeun anak
incu nu can ngalaman
Para nonoman sekeseler
bagasasi
Dangeut ieu geus mejeuhna
urang singkil ngahiji
Ulah aing-aingan, hayu
geurakeun rengkak saibing
Ngamumule Rawa Binong diwuwuh
ati nu wening
Sangkan kajayaan karuhun
urang pinareng deui keur nu pandeuri
cag !

Tidak ada komentar:
Posting Komentar