Tampilkan postingan dengan label rawa binong. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label rawa binong. Tampilkan semua postingan

Jumat, 01 November 2013

Sejarah Rawa Binong

Sepenggal Kisah,



Riwayat Rawa Binong
(disusun ku ; mang Ues )

Bahela, jauh kabahela
Satutasna pajajaran burak....
Saabrulan rahayat, ngajauhan puseur dayeuh sura wisesa
Ngitung langkah, mapay-mapay Cipamingkis
Ngajungjung padumukan, nyungsi sarakan lemah harepan

Nu kalangsu anjog ka Cibarusah,
Lemah endah nu mikat duriat pangabetah
Lembur diwangun, lahan di bukbak
Keur ubar katineung ka kuta pajajaran nu ngahilang

Lembur obah ngagedean
Pepek ku rahayat nu geus anak-baranahan
Lahan anyar nu di olah keur tatanen unggal mangsa ngalegaan
Babakan ancal-ancalan masieup ngaplak tegalan